Rabu, 05 Maret 2008

Perkawis Basa Sunda di SMA Pasundan 5:
Wawancara sareng Bapa Asep Sudrajat, Drs.,MSi. (Kepala Sakola SMA Pasundan 5:
Sawatara waktu kapengker team Kamayu nepangan Bapa Kepala Sakola di ruang kerjana, team kamayu ngadugikeun sababaraha patarosan patali sareng Kurikulum Pangajaran Basa Sunda anu dilarapkeun di SMA khususna di SMA Pasundan 5 Bandung. Hasil wawancara sareng mantena sapertos di handap ieu;
Numutkeun Bapa, kurikulum Pangajaran Basa Sunda nu ayeuna dilarapkeun parantos sajalan sareng anu dipiharep?
Waleran BKS: Perkawis kurikulum anu aya di SMA Pasundan 5 luyu sareng jejer nu aya di Yayasan Pendidikan Dasar & Menengah (YPDM) Pasundan, janten Sakola mah mung sakadar ngalaksanakeun.
Patali sareng aplikasina di sakola SMA Pasundan 5 upami teu lepat guru Basa Sunda teh kasang tukangna pendidikanana sanes sarjana sastra sunda?
Waleran BKS:
Dina leresan eta mah memang guru Basa Sunda nu ayeuna kawitna sanes Sarjana Sastra Sunda, namung upami….
ninggal pangalaman dina urusan ngajarna parantos kaukur, kukituna teu aya hal anu diragukeun deui.
Numutkeun Bapa kumaha perkembangan Basa Sunda taun ieu?
Waleran BKS: numutkeun pamendak Bapak mah tos cekap, kantun pelaksanaanana, ayeuna hidep sapopoe tos ngagunakeun Basa Sunda teu acan? Kanyataannana Basa Sunda kiwari geus kasilih ku Basa Indonesia. Tah hidep nu sakola di Pasundan 5 mah kedahna kanggo Basa Sunda keur basa sapopoe, malah bapa tos ng-instruksikeun boh ka bapak/ibu guru boh murid-muridna dina poe Rebu kudu make basa sunda, tapi kanyataanana hese. Nu penting ayeuna mah urang mimitian ku urang mikaresep jeung boga kahayang pikeun ngamumule Basa Sunda nu antukna aya rasa reueus jeung mikaresep kana Basa Sunda.
Program anu dilaksanakeun kanggo taun ajaran 2008?
Waleran BKS: anu kaprogram teh diantarana; 1. Ngaronjatkeun pangaweruh guru Basa Sunda. 2. Ngiring ngaweruh dina kagiatan-kagiatn anu orientasina ngamumule Basa jeung Budaya Sunda. Contona jadi pamilon Tarucing Cakra di Unpad dina raraga mieling Basa Indung Sadunya, para siswa ngiring kagiatan anu aya patalina sareng kesenian sunda. 3. Ningkatkeun pangaweruh MGNP Basa Sunda.
Dina widang seni, naon anu diunggulkeun di Pasundan 5?
Waleran BKS: sakumaha nu ku hidep katinggal sapopoe ampir sadaya rupi kesenian sunda ku urang digarap, ngan keur saheulaanan urang konsentrasi dina ngamumule seni kacapi, eta pisan nu jadi unggulan di sakola urang. Ku kituna bapak rek nanya ka hidep, naha geus mariluan dina rampak kacapi, mun acan pek mimitian atuh kanu geus maneuh pek ajak nu liana supaya leuwih mekar.
Ngawitan senen payun pa Atang (Guru Seni Budaya) sareng pa Ridwan ngararancang bade ngagabungkeun dua pangajaran sakaligus, kumaha pamendak bapa?
Bapa kalintang satujuna, komo bari bisa nembongkeun basa jeung seni Sunda boga jati diri pribadi, ulah ngan saukur mikaresep kasenian anu brang-breng-brong teu puguh. Pan sawatara waktu kaktukang kalahka aya korban alatan lalajo musik teu “puguh”. Cik pernah teu dina pintonan seni sunda aya nu jadi korban? Kukituna bapa mah reueus ku jalma-jalma nu resep kana budaya sorangan. Sifat atawa karakter jalma nu model kitu bakal alus tabeatna, sabab budaya sunda mah ngandung sifat silih asah, asih, asuh anu jadi bebenteng jiwa nu hade. Ari urang Indonesia mah boga ciri husus adat katimuran anu ku urang sunda mah Insya Allah geus kaaplikasikeun dina kahirupannana nu tangtu moal ngarugikeun.
Rupuna sakitu heula, kirang langkungna neda sihapunten anu kasuhun, bilih aya ungkara bapa nu teu kaserat patali waleran wawancara sareng Bapa Kepala Sakola (BKS), haturnuhun bapa parantos sayogi ku sim kuring saparakanca di wagel waktosna. Sukses terus Pasundan 5 Bandung…..
Team BAPA LUMUT, 2/08

Kamayu & Bapa Lumut.

kamayu& bapa lumut nya eta hiji karya tulis murid sma pasundan 5 bandung kelas XI IPS1 & XI IPA1, dijieuna karya tulis anu mangrupa buletin dwimingguan ieu maksudna teu aya sanes pikeun ngalarapkeun pangajaran basa sunda nu diajarkeun di kelas. Margi upami dititenan durasi atawa jam pelajaran anu disadiakeun dumasar kana kurikulumna, moal picukupeun 2 x 50 menit unggal mingguna. Sok sanajan mun dipikir mah piraku teu bisa atawa hese diajar basa indung (sunda) da basa Sunda mah pan basa sapopoe, basa kolot urang salaku urang sunda. Tapi tetela teu kitu, pangalaman kuring ngajarkeun basa sunda teh hese pisan nerapna ka barudak teuing pedah lain lulusan sastra sunda meureun kuring mah sabab kuring mah ngatik basa sunda sotenan kapaksa lantaran pangatik nu ahli dina widangna can aya nu katarik pikeun ngajar di sakola tempat kuring ngatik. Duka pedah leutik 'bayaranana', duka pedah sakolana teu "paforit" kuring ge teu ngarti, da geus sababaraha urang guru nu kantos ngatik basa Sunda didieu taya nu betaheun. Dumasar kana sababaraha hal kuring maksakeun maneh nyieun program atawa strategi belajar ku jalan ngalarapkeun naon rupi nu di ajarkeun di kelas kana tulisan, nya jadi we buletin nu dibere judul "KAMAYU", estuning menang ngaranan barudak cenah mah filosopi eta ngaran teh nandakeun rasa kareueus maranehna ka wali kelas-na anu geus teu asa jeng jiga tulaten ka anu diwalianana kamayu teh singketan tina Kumpulan Anak Mamah Yuyun (Yuyun Yuhana, SPd.) mantena teh sok sanaos mung ukur guru honorer (gajihna ge pasti moal sabaraha) tapi estuning teu geuneuk teu maleukmeuk babaktos ka lembagana. Sedengkeun "BAPA LUMUT", eta karya jieunan murangkalih kelas XI IPA1, eta ngaran teh singketan tina Barudak Ipa lucu jeung imut, kreatif sakituna mah barudak teh katembong potensina mah tinggal ngalelempeng jeung kadaek guru-guru-na pikeun ngarahkeunana.
Dina eta buletin diantawis eusina aya anu dibere judul wawancara, profil, sajak, banyolan, seni, budaya, & basa, sisindiran, kakawihan. Wawancara; eusina nya eta hasil wawancara maranehna sareng inohong sakola sareng rengrenganana tangtu wae anu patali jeung basa katut anu ngalingkupanana (seni, budaya sunda, jsb), profil eusina midangkeun sababaraha jalmi nu dina waktu harita keur jadi paforit barudak ataw anu pantes dipikawanoh leuwih anteb cenah. Sedengkeun sajak, banyolan; diantarana aya nu menang nyieun maranehna aya oge nu menang nyutat tina karya-karya batur anu sumberna rupa-rupa aya tina internet, surat kabar, majalah, oge tina buku-buku pangajaran jeung buku pengetahuan umum. Seni budaya & basa, eta mah diasuh ku dua urang guruna nya eta guru seni budaya Bapak Atang Sutisna sareng Ridwan Sigit, didieu husus ngaguar elmu panemu anu patali jeung seni, budaya, jeung basa sunda. dina rubrik oeu oge sim kuring sareng kang Atang nulis teh lain wungkul menang ngarang sorangan, nya sok nyutat tina buku, internet, surat kabar, jeung rea-rea deui lumayan diajar keur sorangan sugan aya mangfaatna keur sarerea. Atuh ku sim kuring oge diselapkeun dina buletin teh kamus undak-usuk basa, maksud mah lain rek mapatahan kanu maca, tapi sakadar ngingetan bisi sakali mangsa hilap.